Patempatan


Patempatan nyaéta lokasi atawa posisi. Biasana nujul kana lokasi atawa posisi géografis di muka bumi, sanajan bisa ogé di rohangan lianna. Di handap ieu béréndélan patempatan nu aya di muka bumi:

  • Alun-alun: tanah lapang di hareupeun kabupatén, kawadanaan, jste.
  • babakan: lembur anyar.
  • babaladon: kotakan leutik anu pernahna di bagian tanah sésémpéran; di sawaréh tempat disebut ogé baladoan
  • balungbang: kamalir gedé sarta rada jero tadah cileuncang.
  • bangawan: walungan anu kacida gedéna.
  • Basisir: sisi tanah (keusik) nu adek ka laut.
  • bojong/bobojong: tanah anu nyodor ka cai (walungan, talaga, laut); jojontor, jajirah.
  • bubulak: sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping atawa di pasir.
  • bungin: pulo di muara walungan. Disebut ogé délta.
  • dayeuh: kota, nyaéta ibukota nagara, propinsi atawa kabupatén; bisa ogé hartina lembur pamatuhan.
  • dungus: gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet (di leuweung). Disebut ogé rungkun atawa ruyuk.
  • Empang: balong atawa kulah gedé (lega).
  • galengan: tambakan leutik (ngagaleng manjang) ngawangun kotakan sawah.
  • gawir: sisi jurang, tanah anu mudunna nyuksruk atawa sisi tanah anu lungkawing.
  • girang: tempat jol ngocorna cai: cai ngocorna ti girang ka hilir.
  • Gunung: tanah anu munjukul kacida luhurna, saluhureun pasir, biasana luhurna leuwih ti 600 méter.
  • hilir: tempat nu dituju ku cai ngocor lantaran leuwih handap, sabalikna tina girang.
  • hulu cai / sirah cai: tempat kaluar cinyusu nu éngkena jadi walungan.
  • huma: tanah darat nu dipelakkan paré teu dikocoran cai (ngandelkeun cai hujan), di sisina sok dipelakkan palawija.
  • hunyur: taneuh nu munjukul siga imah rinyuh di tegal atawa dina tetelar; imah rinyuh.
  • jajirah: bagian tanah daratan nu méh kakurilingan ku laut (méh mangrupa pulo).
  • jami: huma tipar, robahan tina jarami; geus rumpak jami, geus réngsé panén di sawah.
  • jojontor: tanah nu nyodor ka cai, leuwih panjang ti batan tanjung; bobojong.
  • jungkrang / jurang: bagian tanah anu legokna jero sarta sisi-sisina gurawés.
  • kabuyutan: tempat anu dianggap karamat, patilasan jaman baheula.
  • karéés: sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik; cadas.
  • kebon: tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan saperti bungbuahan, palawija, jeung sarupaning ti éta.
  • kikisik: sisi laut nu mayak sarta keusikan.
  • Kuburan: tanah tempat ngubur mayit; makam, astana.
  • kulah: balong leutik, tempat miara lauk, mangrupa cai ngemplang dina tanah beunang ngali.
  • lamping: bagian gunung atawa pasir antara puncak jeung tutuganana; bagian gunung luhureun tutugan atawa sukuna.
  • landeuh: tempat anu leuwih handap ti tempat urang, sabalikna tina tonggoh (tempat, pakarangan atawa jalan anu leuwih luhur.
  • Laut: bagian dunya nu dieusi cai asin, sarta nu misahkeun daratan jeung daratan; sagara.
  • lebak: tempat nu leuwih handap ti batan tempat urang cicing, sabalikna tina tonggoh; landeuh.
  • legok: tempat nu rada handap ti tempat nu aya di sakurilingeunana.
  • legon: bagian basisir anu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik.
  • lembur: kampung di luar kota, padumukan jelema nu diwangun ku sababaraha imah.
  • léngkob: tempat anu legok antara dua lamping.
  • Leuweung: tempat lega atawa wewengkon nu pinuh ku kakayon (tatangkalan) sarta teu dipaké matuh ku jelema. Kajaba ti nu ngajaga, biasana panonoban sato jarah.
  • Leuweung geledegan: leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon sarta teu kasaba ku manusa iwal sarupaning sasaton.
  • Leuweung gerot: leuweung geledegan, leuweung gedé.
  • Leuweung gonggong simagonggong: leuweung nu kaayaannana geueuman, pikasieuneun.
  • Leuweung larangan/tutupan: leuweung nu teu meunang diganggu boh sasatoannana boh tutuwuhanana.
  • Leuweung luwang-liwung: leuweung geledegan nu teu kasaba ku jelema.
  • Leuwi: babagian walungan nu rada jero tur biasana rada rubak.
  • mandala: daérah, wilayah lembur; lembur singkur mandala singkah: lembur nu jauh ka ditu ka dieu.
  • momonggor/monggor: pasir nu rada handap sarta leuwih leutik.
  • Muhara: tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé.
  • mumunggang, geger: bagian gunung pangluhurna, tonggong gunung anu manjang.
  • pabuaran: tempat bubuara matuh di tempat anyar. Anu ngumbara sok loba nu terus bubuara, tara balik deu ka lembur asalna.
  • padépokan/dépok: kampung, patapan; patapan biasana ayana di nu suni.
  • padukuhan: padumukan nu jauh ti kota; padusunan.
  • padusunan: pakampungan nu jauh ti kota.
  • pamakaman: patempatan/wewengkon anu dipaké kuburan/astana.
  • pasir: gunung leutik tur teu sabaraha luhur.
  • pasiringin: pakampungan, padésaan (asal tina siring: kampung).
  • ponclot/poncot: bagian pangluhurna tina gunung, munara, jsb.; puncak.
  • puncak: bagian gunung anu pangluhurna, atawa ponclot.
  • régol: kampung nu pernahna aya sabudeuren gedong kabupatén beulah tukang.
  • reuma: tanah darat urut huma anu keur direureuhkeun lantaran geus teu subur deui.
  • rorah: cai ngocor sarupa susukan, ayana di leuweung.
  • sabang: tanah darat nu dihapit ku dua walungan.
  • Sagara: laut
  • sampalan: tegal tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah.
  • sarakan/pakusarakan: tempat lahir, lemah cai.
  • sawah: tanah anu dipelakan paré, dikembeng, dikurilingan ku galengan.
  • sédong: angkrong di sisi walungan di jero leuwi.
  • situ: balong nu leuwih lega sarta rada héjo.
  • somang: jurang anu gurawés sarta jero.
  • sungapan: tempat ngocorkeun cai ti walungan atawa solokan ka sawah, ka balong.
  • susukan: solokan jalan cai beunang nyieun jelema.
  • Talaga: situ alam nu jadi ku manéh lain meunang nyieun jelema (upamana Talagawarna, Talagabodas).
  • Taman/patamanan: kebon kembang jeung tatangkalan séjén nu alus sarta lega.
  • tambakan: bendungan panjang sarta rubak (tambakan balong); panahan cai balong, ayana di sakuriling balong. Mun di sawah mah ilaharna sok disebut galengan.
  • tanjung: jojontor, tanah anu nyodor ka laut.
  • tarikolot: tempat/daérah urut lembur, lembur nu tadina gegek imahna kaayaanana robah jadi coréngcang.
  • tegalan: tanah lega sarta rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul.
  • teluk: bagian sisi laut anu ngelok ka darat, sabalikna tina tanjung.
  • tepiswiring: sesebutan séjén keur pasisian atawa pilemburan.
  • tetelar: tanah datar di tengah sawah nu teu kahontal ku cai, biasana sok dipaké pangangonan.
  • tipar: pihumaeun méméh disasap atawa dipacul.
  • tonggoh: tempat anu leuwih luhur ti batan tempat urang cicing.
  • tutugan: suku gunung, bagian gunung beulah handap.
  • wahangan: jalan cai anu jadi ku manéh, nyaéta walungan anu leuwih gedé batan solokan.
  • Walungan: wahangan gedé. Disebut ogé bangawan.

Rujukanédit

  1. Peperenian Urang Sunda, Rachmat Taufik Hidayat, Spk., Kiblat, Bandung, 2005.