Emas

Emas atawa kancana nyaéta unsur kimia nu lambangna Au (Latin: aurum) kalawan nomer atom 79. Ieu logam mulya geus ti bihari boga ajén anu luhur, boh pikeun perhiasan, patung, atawa papaés wangunan/ornaméntasi.

79platinumemasraksa
Ag

Au

Rg
Tabél Periodik - Tabél Periodik Euyeub
Umum
Ngaran, Lambang, Nomeremas, Au, 79
Dérét kimialogam transisi
Golongan, Periode, Blok11, 6, d
Warnakonéng métalik
Beurat atom baku196.966569(4)  g·mol−1
Konfigurasi éléktron[Xe] 4f14 5d10 6s1
Éléktron per cangkang2, 8, 18, 32, 18, 1
Pasipatan fisik
Fasesolid
Dénsitas (dina h.r.)19.3 g/cm³
Dénsitas cairan dina t.l.17.31 g/cm³
Titik lééh1337.33 K
(1064.18 °C, 1947.52 °F)
Titik golak3129 K
(2856 °C, 5173 °F)
Panas fusi12.55  kJ·mol−1
Panas panguapan324  kJ·mol−1
Kapasitas panas(25 °C) 25.418  J·mol−1·K−1
Tekanan uap
P(Pa)1101001 k10 k100 k
at T(K)164618142021228126203078
Pasipatan atom
Struktur kristalface centered cubic
Wilangan oksidasi-1, 1, 2, 3, 4, 5
(oksida amfotérik)
Éléktronégativitas2.54 (skala Pauling)
Énérgi ionisasi1st: 890.1 kJ/mol
2nd: 1980 kJ/mol
Radius atom144  pm
Radius kovalén136±6  pm
Radius Van der Waals166 pm
Unak-anik
Susunan magnétikdiamagnétik
Résistivitas listrik(20 °C) 22.14 nΩ·m
Konduktivitas panas(300 K) 318  W·m−1·K−1
Ékspansi panas(25 °C) 14.2 µm/(m·K)
Kecepatan sora (thin rod)(r.t.) (hard-drawn)
2030  m·s−1
Modulus Young78 GPa
Tensile strain0.00157  
Modulus Shear27 GPa
Modulus Bulk180 GPa
Nisbah Poisson0.44
Kateuasan Mohs2.5
Kekerasan Vickers216  MPa
Kateuasan Brinell? 2450 MPa
Nomer régister CAS7440-57-5
Isotop penting
Artikel utama: Isotop emas
isoKAumur-nyatengahURÉU (MeV)HU
195Ausin186.10 dε0.227195Pt
196Ausin6.183 dε1.506196Pt
β0.686196Hg
197Au100%Au stabil ngandung 118 neutron
198Ausin2.69517 dβ1.372198Hg
199Ausin3.169 dβ0.453199Hg
Rujukan

Di alam, ieu logam kapanggih dina bentuk guruntulan atawa 'bijih' dina babatuan, dina urat, jeung dina déposit aluvial. Emas fisikna padet, lemes, hérang, sarta leuleus, pangleuleusna ti antara logam-logam murni anu aya. Nu murni kelirna konéng caang, ngagurilap matak ngirut, katambah ku watekna anu henteu ngarandapan ka bakar/oksidasi ku hawa atawa cai. Dina widang ékonomi, emas dipaké dina sistem dinar jeung sistem Bretton Woods.[1]

Dina tungtung taun 2006, emas nu geus kungsi dikali salila ieu kira-kira nepi ka 158.000 ton[2] (sarua jeung kubus ukuran 20,2 méter). Di industri modéren, emas dipaké dina éléktronik jeung kedokteran huntu , ku sabab watekna anu tahan korosi oksidatif sarta alus konduktivitas listrikna. Sacara kimia, emas kaasup logam transisi nu bisa jadi kation trivalén jeung univalén. Dina STP, emas bisa jadi asam kloroaurat mun diréaksikeun jeung aqua regia (campuran asam), atawa jeung larutan basa sianida. Emas bisa leyur dina raksa, ngabentuk aloy amalgam tanpa ngalaman réaksi kimia. Dina pemurnian, emas bisa dipisahkeun ti logam lian ku sabab emas henteu bisa leyur dina asam nitrat nu bisa ngaleyurkeun pérak jeung logam basa (téhnik "inquartation and parting"). Asam nitrat geus ti baheula dipaké pikeun mariksa aya/henteuna emas, malah kiwari istilah "uji asam" ("acid test") jadi baku utama dina pamariksaan emas.

Pasipatanédit

Emas téh logam anu istiméwa; sagram emas bisa diamparkeun jadi lambar anu legana saméter pasagi. Lambaranana bisa ipis pisan nepi ka ampir tembus cahya. Cahya anu tembus katembongna biru semu héjo, ku sabab emas mantulkeun cahya konéng jeung beureum.[3] Lambaran emas ogé mantulkeun cahya infrabeureum, ku kituna dipaké taméng infrabeureum dina pakéan tahan panas jeung pakéan luar angkasa.[4]

Emas bisa ngabentuk campuran/aloy jeung logam lianna, utamana pikeun ngarobah pasipatan métalurgina, ngatur titik lééh, atawa pikeun ngahasilkeun kelir anu éksotik.[5]

Rujukanédit

  • Gold (disalin 19 Agustus 2009)
  1. Komandoko, Gamal (2010). Ensiklopedia Pelajar dan UmumKomandoko. Jakarta: Pustaka Widyatama. p. 83. ISBN 9789796103713.  Disungsi24 Januari 2023
  2. "World Gold Council". Diakses tanggal 2008-07-04.  Archived 2008-05-11 di Wayback Machine
  3. "Gold: causes of color". Diakses tanggal 2009-06-06. 
  4. Mallan, Lloyd (1971). Suiting up for space: the evolution of the space suit. John Day Co. p. 216. ISBN 978-0381981501. 
  5. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama coloredgold

Bacaan salajengnaédit

  • Faulk W & Taylor G (1979). An Immunocolloid Method for the Electron Microscope. Immunochemistry 8: 1081–1083.
  • Kodak (2006). Toning black-and-white materials. Technical Data/Reference sheet G-23, Méi 2006 [1].
  • Roth J, Bendayan M, Orci L (1980). FITC-Protein A-Gold Complex for Light and Electron Microscopic Immunocytochemistry. J. Histochemistry and Cytochemistry 28: 55–57.
  • World Gold Council, Jewellery Technology, Jewellery Alloys Archived 2008-06-19 di Wayback Machine

Tumbu kaluarédit